Bobodoran

Ha ha ha

“Manakah yang lebih luas, pulow Bali atow pulow Wéh?”, si Ocid nanya ka lanceukna…. Nu luas mah Ceu Nonéng Cid,  cul anak-cul salaki jadi tekawe ka Bruney, siah!.
Pulisi Tidur.
Bangsat 1 : “Kade nya euy, ulah rek wawanian operasi di lebah gang eta, bahaya..!!!

Bangsat 2 : “Ku naon kitu ?”
Bangsat 1 : ” Loba pulisi tidur deuleu!”
Bangsat 2 : “Asal ulah keur nyaring we, keun ari keur sare mah!”
Entin Kuraesin – Kircon Bandung
Kasurupan
Dukun : “Saha ieu nu nyurup ka incu kula teh?”
Nu kasurupan : “Ngaran kula ku nu nyebut di terminal mah Si Beurit!”
Dukun : “Naon kasalahan incu kula?”
Nu kasurupan : ” Bongan ngadupak waktu kula keur nginum.”
Dukun : “Geura balik ka dituh!”
Nu kasurupan : “Heug, asal menta Whisky sabotol!”
Dukun : “Eweuh nu kitu mah. Teu meunang ku pulisi.”
Nu kasurupan : “Ari euweuh Whisky mah menta calana jin atuh sakodi mah!”
Dukun : “Keur naon calana jin ?”
Nu kasurupan : “Rek di jual ku kula. Engke ladangna rek dibeulikeun inuman!”
Dukun : “Haaa…r ???”

Hujan
Incu : “Kumaha Bah, nggeus aya hujan ka dieu?”
Aki : “Enggeus, ngan leutik”
Incu : “Sukur leutik mah… daripada sagarede nangka, matak lieur lamun ninggang sirah”
Aki : “Kehed sia….!

Bungah Mun Mabok
“Kuring mah bungah mun salaki datang ka imah bari mabok teh, “Ceuk Neng Reni ka Bu Ita.”
“Na bungah kumaha jalma datang kaayaan mabok?”. Tanya Bu Ita panasaran.
“Eta we Bu, bungahna teh mun datangna dina kaayaan keur mabok salaki teh sok muji kieu ka kuring, pokna teh. Oh…istriku yang paling cantik sadunia” jawab Neng Reni bungah.

Jurusan Angkot
Si Kabayan ayeuna jadi juragan angkot. Hoyong térang kamana wae jurusannana ?.
1. Jurusan Abdul Muis – Kebon Kalapa.
2. Jurusan Ciburial – Cibuncélik.

Adam Air
“Ti saprak leungitna pesawat Adam Air, geus sababaraha regu tim anu nareangan bangkena, boh di darat boh di laut. Tapi ceuk rarasaan kuring mah bangke pesawat Adam Air teh moal aya di darat tapi pastina di cai atawa laut lantaran sababna ku ngarana oge Adam Air lain Adam Darat!”

Ngimpi Malem Jumah
Urang Jawa ngagunakeun basa sunda tapi logatna make basa Jawa nyarita ka urang Sunda ngeunaan ngimpina dina malem Jumaah.
Urang Jawa : “Mas abdi wengi ngimpen
Urang Sunda : “ngimpen naon mas?”
Urang Jawa : “Ngimpen bobo jeung nu geulis.”
Urang Sunda : “Kumaha dina jero impenannana?”
Urang Jawa : “Pokona endah pisan ngan pas abdi gugah nu geulis teh hento aya, pan abdi teh kesel ah abdi teh bobo deui we.”
Urang Jawa : “Eh ngimpen deui.”
Urang Sunda : “Bari kerung, ngimpen naon deui mas?”
Urang Jawa : “Ngimpen gaduh acis seueur pisan. Pas abdi gugah dicabakan dina pesak calana, acisna hento aya ah abdi teh kesel bobo deui we.”
Urang Jawa : “Eh abdi ngimpen deui”
Urang Sunda : “Ngimpen naon deui mas?”
Urang Jawa : “Ngimpen ee”
Urang Sunda : “Kumaha tah?”
Urang Jawa : “Pas abdi gugah, dicabak teh aya ee teh. Hahahahahahaha….”

Molongo

Bongbong borokokok. Omon, cowok borohol sok ngomong jorok. Komo kolot Omon bocokok polontong. Tong boro ngomong jorok, Om Toto – kolot Omon – sok ngojok-ngojok nyokcrok odol.
“Tong boloho, Omon!” Om Toto moyok. “Conto kolot, sok cokcrok odol, tong sok nyonyorong tolombong. Komo ngokos bolokotono. Pok-pok ngomong jorok, sok ponyo lolodok.”
Omon nyonto kolot ngomong jorok. Omon ponyo lolodok, los molor, Omon ngorok. Torojol Dodo koboy gondrong nyonyorong botol kosong.
Om Toto nyorongot. “Dodo, tong nyonyorong botol sok bodo!”
Dodo ongkoh-ongkoh. Rorompok korong Dodo godroh. Dodo hoyong ngolomoh comro.
“Dodo!” kolot Omon nyorongot. “Tong molotot Om,” omong Dodo ngosom. “Komo noong Kokom Donto, sok nyorodcod.”
“Tong sok moyok kolot, koplok!” Om Toto molotot hoyong ngokos Dodo. Dodo dongko, los kokocok kokod, Om Toto ngomong morot. Bongbong bocokok polontong.
Dodo nyorodcod noong kolot Omon morongos. Torolong Dodo lolos nobros boboko. Omon jongjon molor. Om Toto ngomong poporongos moyok Dodo.
Bongbong borokokok.

Gajah

Baheula mah loba keneh jalma anu can nyaho kumaha dedegan gajah. Ayeuna loba gambarna, baheula mah hese hayang manggihan gambar gajah teh. Harita aya anu kakara balik ti kebon binatang keur ngobrolkeun perkara gajah tea ka babaturanana.
“Waduh….eta mah gajah, awakna teh gede pisan. Geura bae ceulina sagede hihid. Tulalena sagede doran pacul. Sukuna sagede sunglon*….” eureun nyaritana teh da kaburu aya anu ngageroan manten. Kabeneran obrolanana kadengeun ku saurang jalma anu rada ngirung nyaritana anu keur sare di tepas. Terus ku manehna dicaritakeun deui ka baturna, jiga enya bae tas nyaba ti kebon binatang.
“Haduh eta gajah….sukuna sagede sunglon, tulalena sagede doran, ceulina sagede hihid,” pokna.
“Ari awakna sagede kumaha?” ceuk babaturanana malik nanya. Tapi kulantaran tadi teu kasebutkeun, pok bae nyarita, “Sagede sunglon sukuna mah,”
“Lain, ieu mah awakna sagede kumaha?”
“Enya sagede doran pacul tulalena mah,” tembalna semu era.
“Ari maneh, nu sagede doran pacul mah apan tulalena. Ieu mah nanya teh sagede kumaha awakna,” ceuk babaturana teugeug.
Lantaran dipaksa, pok bae manehna nembalan,”Awakna mah sagede japati….”
“Hor maenya…..apan sukuna ge geus sagede sunglon, maenya awakna sagede japati?” babaturanana kerung.
“Da japatina ge dua,” tembal manehna embung eleh.
“Masing dua ge angger bae leutik. Geura we tulalena ge sagede doran pacul.”
“Da japatina tilu.”
“Angger bae masih leutik japati tilu mah. Apan ceulina ge sagede hihid?”
“Da….da….japatina ge saalam dunya,” pokna bari karacam keureuceum eraeun.

Milik Aing
Milik Iing mirilik ti sisi ti gigir. Bi Icih ti Cikijing ngirim kicimpring, cingcirining milik Iing lir istri pinilih. Ditilik ti gigir kriting, diintip ti pipir.. bintit. Bisi Bi Icih isin, Iing nitip pipiti isi cicis. Ih, Bi Icih nyirintil lir ijid. “Iing, Bi Icih ngirim kicimpring bisi Iing ngicip-ngicip giribig di pipir Nini Imi. Bi Icih ijid ngintip pipiti isi cicis. Bi Icih ngirim lin bisnis kicimpring! Jig nyingkir! Si!”
Iing inggis digitik Bi Icih, tirilik nyingkir. Di pipir Nyi Iting, Iing nilik-nilik bitis. Jih, bitis Nyi Iting ‘ning. Iing ngintip birit Nyi Iting ti pipir, nyidik-nyidik bisi imbit Nyi Iting mirip pipiti Bi Icih.
“Ngintip, Ing?” Nyi Iting mimiti inggis diintip.
Iing cicing, birit Iing tiis. Ting! Iing mikir ngicip-ngicip Nyi Iting.
“Nyingkir!” Biwir Nyi Iting kiriting.
“Nyi Iting, Iing inggis digitik Bi Icih. Iing ngiring cicing di Nyi Iting,” Iing mimiti ciriwis.
Nyi Iting gigis mikir Bi Icih, sirintil nilik-nilik Iing. “Iing tiris?”
Iing cicing, inggis nyi Iting mikir-mikir nyisig piriwit. Iing inggis digitik.
“Bisi tiris, cicing di pipir!” Nyi Iting mimiti tiis.
Iing ngincig mipir-mipir sisi bilik. Ih, milik si Iing. Nyi Iting nyiwit birit Iing, Iing nyiwit pipi Nyi Iting.
“Idih, Iing ciriwis… hi..hi..hi..,” Nyi Iting nyikikik, tirilik ngiring ngiciprit mipir-mipir sisi bilik. Iing mikir. Nyi Iting ngiring? Cingcirining Nyi Iting…tiris!
Prikitiw!

Weureu Peuteuy
Ceuceu jeung Neuneu keur reureuh deukeut beus beureum. Beuheung Neuneu euleugeug neuteup peuteuy meuhpeuy jeung leubeut deukeut kleub keurseus teuleum.
“Euleuh-euleuh, deungeun teuteureuy Ceu,” ceuk Neuneu teu euleum-euleum. Ceuceu ceuleumeut nyeueung peuteuy leubeut jeung beuneur deukeut beungkeut seureuh.
“Heueuh, Neu. Eunceup yeuh, meuleum peuteuy jeung beunteur keur nyeubeuhkeun beuteung. Ceuceu geus leuleus neureuy beunceuh geuneuk jeung keuyeup reuneuh teu eureun-eureun.” Ceuceu meureudeuy.
Neuneu nyeuleukeuteuk, “Heu..heu..heu.. Ceuceu, ceuceu.. Neureuy beunceuh jeung keuyeup reuneuh? Geuleuh Ceu, jeung teu seubeuh. Leuheung peuyeum, teu geuleuh jeung nyeubeuhkeun beuteung.”
“Neuneu!” Ceuceu ngeuleuweuh. Leungeun Ceuceu ngeukeuweuk beubeur Neuneu, peureup Ceuceu deukeut beungeut Neuneu. Beungeut Ceuceu euceuy.

“Beuteung beuteung Ceuceu, beunceuh jeung keuyeup leueuteun Ceuceu. Teu Neu, Ceuceu teu geuleuh,” Ceuceu nyeuneu.
“Heureuy Ceu..” ceuk Neuneu keueung neuleu Ceuceu neugtreug. “Ceuceu eudeuk beuleum peuteuy?”
“Peuteuy? Eudeuk Neu. Meungpeung peuteuy keur meuweuh jeung beuneur. Neureuy beuleum peuteuy jeung leupeut, leuh eunceup,” Ceuceu meureudeuy. Beungeut Ceuceu geus teu euceuy.
“Ceuceu teu ceuceub nyeueung Neuneu?” ceuk Neuneu keukeuh keueung.
“Teu Neu, Ceuceu geus teu ceuceub.” Ceuceu neuteup Neuneu seukeut. Neuneu reueus Ceuceu geus teu peupeuleukeuk.
Ceuceu jeung Neuneu ngeureuyeuh neureuy beuleum peuteuy teu eureun-eureun. “Teureuy Neu, meungpeung seueur. Peupeujeuh,” ceuk Ceuceu geugeut.
Neuneu nyeuleukeuteuk. Ceuceu nyeukeukeuk. Leuh, Neuneu jeung Ceuceu weureu peuteuy euy!!

Sateuacan Nikah
Pameget : Akhirna…Kuring geus ngantosan ti baheula…
Istri : Akang rela eneng pisah jeung akang?
Pameget : Piraku! Ulah sakali-kali mikir kadinya!!
Istri : Akang bogoh ka eneng?
Pameget : Geus pasti! Salilana pastina kitu…
Istri : Eneng mah sieun Akang selingkuh?
Pameget : Ih da alim! teu mungkin Akang ngalaksanakeun eta mah, pigeuleuheun…
Istri : Cium Eneng atuh kang?
Pameget : Muhun…
Istri : Kang…
5 TAUN SANGGEUS NIKAH….
tinggal baca ti handap ka luhur…heee

Persib Brasil
Ceuk saha prestasi sepak bola nagara urang teu maju, teu bisa cumarita di tingkat internasional ?. Kuring nyatet, saeutikna aya sabelas klub sepak bola anggota PSSI nu milu jadi peserta Piala Dunya 2010. Teu percaya ? yeuh, ku kuring disebutan hiji-hiji :
Persib (Persatuan Sepak Bola Brasil).
PSM ( Persatuan Sepak Bola Meksiko)
PSKS (Persatuan Sepak Bola Korea Selatan)
PSP (Persatuan Sepak Bola Portugal)
PSB (Persatuan Sepak Bola Belanda)
Persikota (Persatuan Sepak Bola Kore Utara)
Perseman (Persatuan Sepak Bola Jerman)
Perseden (Persatuan Sepak Bola Denmark)
Persik (Persatuan Sepak Bola Kamerun)
Persiba (Persatuan Sepak Bola Balad Argentina)
Persijap (Persatuan Sepak Bola Japan)
Kuring yakin,  kasabelasan kasebut jadi peserta Piala Dunya 2010 tanpa izin ti PSSI, da lamun bebeja mah kuriak moal diidinan.
Basa Persib (persatuan Sepak Bola Brasil) vs Pantai Gding. Salaku bobotoh sajati,  kuring leuwih kataji sabab di atas kertas Persib tangtuna meunang sagala-galana. Sanajan  Pantai Gading di latih ku pelatih sakaliber Sven Goran Eriksson, sababaraha pengamat loba nu ngaramal yen Pantai Gading di Piala Dunya 2010 ngan saukur tepi ka babak kahiji. Pelatihna geus nyiapkeun babasaan “tamba kawiwirangan,  nyaeta, “Mohon maaf kalau kami harus tersisih karena tiada pantai gading yang tak retak”.
Permainan Persib (muhun, Persatuan Sepak Bola Brasil tea) nu boga gelandang  edun nyaeta Kaka. Pamaen nu kungsi ngalaman tulangna potong (cageur total saeunggeus diubaran ka  putrana Bah Bohon di Gegerkalong). Lihey pisan tah si Kaka teh dina ngabongkar pertahanan lawan jeung mere umpan-umpan matang ka pamaen hareup anu balukarna gampang nyetak gol.
Salian paktor kapinteran Kaka, tim Persib Brasil oge ditentukeun ku ngaran pelatihna, Dunga. Dina bahasa Brasil, dunga hartina sarua jeung do’a.  Saacan arindit ka Afrika Kidul, sakabeh rahayat Brasil ngucapkeun, “Dunga didungakeun, semoga Brasil berhasil!”.
Salaku finalis Piala Afrika 2006 nu pinuh ku pamaen ngora berkualitas saperti Didier Drogba sarta Salomon Kalou nu maen dii Chelsea, sakuduna Pantai Gading percaya kana kakuatan tim na, tapi, kulantaran masarakat Pantai Gading percaya pisan kana kakuatan mistik. Goran Eriksson teu bisa nolak kahayang Padupanding (Paguyuban Dukun Pantai Gading) keur ngajampean tim na. Waktu ditanya, kunaon ngalawan Portugal akhirna seri. Goran Eriksson (ngawakilan para dukun) ngajawab dukun na salah mapatkeun jangjawokan. “Mustina nu diparancahkeun teh jampe mengbal, ari ieu kalah jampe ngajuru!” ceuk Goran Eriksson bari saeutik keuheul.***

Sumber Kengeng Nyanak ti : fosclub.wordpress.com

Bila kalian suka atau g suka dengan blog ini kami terima kritik dan sarannya...

Isikan data di bawah atau klik salah satu ikon untuk log in:

Logo WordPress.com

You are commenting using your WordPress.com account. Logout / Ubah )

Gambar Twitter

You are commenting using your Twitter account. Logout / Ubah )

Foto Facebook

You are commenting using your Facebook account. Logout / Ubah )

Foto Google+

You are commenting using your Google+ account. Logout / Ubah )

Connecting to %s

%d blogger menyukai ini: